Astagfirulloh Si udin ditewak Polisi

Si udin di tewak ku polisi gara2na disangka
pengedar narkoba, Tuluy diasupkeun ka penjara.
Hiji waktu si udin narima surat ti bapana,
eusina kieu :
"din.., bapa th geus kolot, jaba ayeuna tereh usum nyawah, maneh kalahkah cicing di penjara, euweuh maneh mh moal aya nu mantuan bapa macul di sawah!"
Saminggu tiharita, Si udin tuluy ngabales
surat ti bapana :
"Pa.., omat sawah ulah waka dipaculan,,,nya,,omattt !!
Soalna uing ngaruang narkoba,,ekstasi,,jg ganja
disawah eta pa!! " Ceuk si udin dina eusi
suratna
Singhoreng.., surat balesan ti si udin ku
petugas penjara disensor heula, atuh.. Jadi paciweuh, tuluy ngabejaan tim BNN(badan narkotik nasional),
Isukna, datang sa Rombongan Polisi katut tim BNN ka imah bapana si udin, teu loba omong deui tuluy langsung ka sawahna, kabeh sawah dipaculan nepikeun ka sapoe jeput, sore na sanggeus tim BNN jg pulisi baralik, bapa si udin ngirim deui surat.
"din, tadi aya tim BNN jg pulisi cenah mh
neangan narkoba maneh nu diruang di sawah,
tapi teu kapanggih narkoba na ge, bapa ayeuna
kudu kumaha din? bapa mh Reuwas din!!"
Si udin ngablsn deui suratna,
"teu kudu rewas pa..,bapa sakuduna bungah sabab pulisi jg tim BNN geus mangmaculkeun sawah  bapa.. Sok ayeuna mh geura pelakan sawahna.., kade poho nganuhunkeun ka tim BNN jg pulisi geus daek maculan sawah bapa"
Petugas penjara nyensor deui suratna si udin langsug Ngagaroak bari ngacak2 tikotok... Di balurkeun kana sirahna... 😀😁🤣

Hahaha.....😁😁🤣🤣🤣🤣
#gambar hanya pemanis... 🙏🏻

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SUMPAH AING MOAL JAJAN jeng BALANJA DI WARUNG eta DEUI..

Main ke negara ayu ting-ting dan dan negaranya komika

Pengagum K-Pop Bercengkok Dangdut